INDONESIA FRIENDLY CHATT
Would you like to react to this message? Create an account in a few clicks or log in to continue.



 
IndeksPencarianLatest imagesPendaftaranLogin

 

 Cing pek teguh ieu tatarucingan

Go down 
2 posters
PengirimMessage
ivan_cangcut
Junior
Junior
ivan_cangcut


Jumlah posting : 20
Join date : 12.10.08

Cing pek teguh ieu tatarucingan Empty
PostSubyek: Cing pek teguh ieu tatarucingan   Cing pek teguh ieu tatarucingan Icon_minitimeSat Oct 18, 2008 12:47 am

1. Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara.
2. Hayam naon anu sukuna sarebu?
3. Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon?
4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan?
5. Sato naon anu teu bisaeun mundur?
6. Bangku naon anu bisa didahar?
7. Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar, sakali nyebut!
8. Batu naon anu teu aya di cai?
9. Oray naon anu teu bisaeun ngaleor?
10. Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat?
11. Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet.
12. Hayam naon anu sukuna hiji?
13. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik.
14. Gajah tumpak beca, gede naonna?
15. Baso dibalikkeun jadi naon?
16. Awakna leutik pisan, sirahna gede pisan.
17. Nini-nini bongkok kumaha sarena?
18. Piring naon anu bisa dipake nempo bulan?
19. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku?
20. Naon sababna ban mobil tina karet?
21. Sapi naon anu bau?
22. Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia?
23. Naon bedana sarimie jeung nini-nini?
24. Pribumi di luar ari semah di jero.
25. Dicabak beye, ditakol ngabelentrang.
26. Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun.
27. Di luar hujan angina, di WC hujan naon?
28. Hayamna bodas, naonna anu hideung?
29. Buah naon anu dipikaresep ku lalaki?
30. Jam naon anu bisa nembang?
31. Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna?
32. Pare naon anu teu ngeunah?
33. Jalma meuli kasur keur naon?
34. Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah?
35. Kapas 2 kg, batu 1 kg, lamun ditinggangkeun kana suku nyeri mana?
36. Ku naon tukang baso nakolan mangkok?
37. Soeh teu bisa dikaput, kotor teu bisa diseuseuh.
38. Budak dugul asup kana embel.
39. Petina hiji, mayitna loba.
40. Kaca naon anu nyeri?
41. Naon sababna kareta api manjuna ngarayap?
42. Kaca naon anu seungit?
43. Kaca naon anu pangbeuratna?
44. Hayam naon anu keur jengke?
45. Ari sakintal bisa jadi sapuluh kilo?
46. Aya balon sapuluh, bitu hiji, kempes tilu, kari sabaraha deui?
47. Dicekek beuheungna dieleketek beuteungna.
48. Naon sababna ban sapedah anu tukang sok babari dugul?
49. Naon sababna lamun anjing keur lumpat sok ngalieuk bae ka tukang?
50. Kaca naon anu sok disada?
51. Cing pangmacakeun: Pa Ha 2 3 4 din
52. Sapi naon anu bisa ngarayap dina tembok?
53. Hayam naon anu isuk-isuk tara kongkorongok?
54. Supirna opatan ari panumpangna saurang.
55. Buah naon anu tara diala?
56. Piramida di jerona aya harta karun.
57. Gajah keur ulang taun. Sakumna sasatoan geus daratang, iwal ti titinggi, naon sababna?
58. Leutik, bodas, panjang, teuas, lumpatna ngabelesat.
59. Tukang naon lamun digeroan sok lumpat ngajauhan?
60. Ti peuting asak ti beurang atah.
61. Bajuna hejo, leumpangna nguriling bari udud.
62. Sukuna hiji, panonna tilu.
63. Ka handap muka ka luhur nutup.
64. Maju eleh, mundur meunang.
65. Aya manuk 10 ditembak hiji, tinggal sabaraha?
66. Sato naon anu pangleutik-leutikna sadunya?
67. Aya anjing begang, anjing lintuh, anjing jangkung, anjing pendek,
jeung anjing edan rek nyokot tulang. Pangheulana anjing mana?
68. Kapal naon anu teu bisa ngapung?
69. Hideung, leutik, bahaya.
70. Kumaha ngabedakeun sirah cacing jeung buntut cacing?
71. Naha superman bajuna make hurup ā€œSā€?
72. Hiji diala ari loba teu diala.
73. buah naon anu sok diwedak?
74. Tangkal naon anu sok dipikasieun?
75. Lamun Arjuna neangan cinta, ari Bima neangan naon?
76. Sirahna dina beuteung, ceulina dina beuteung, beuheungna dina beuteung.
77. Sapedah naon anu bisa ngapung?
78. lauk naon anu bisa hiber?
79. Kuda naon anu teu bisa lumpat?
80. Ari nakol bedug aya sabaraha warna?
81. Minyak naon anu rame?
82. Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon?
83. Hayam naon anu sok diteangan ku jelema?
84. Naon bedana onta jeung kangkung?
85. Tukang naon anu teu bisa ngitung?
86. Kalong naon anu pinter maen bal?
87. Bisa naek teu bisa turun.
88. kalimah naon anu dibaca ti hareup jeung ti tukang sarua hartina?
89. Gajah naon anu sukuna dua?
90. Hurup naon anu ngeunah?
91. Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoe, naon sababna?
92. Leutik bodas pikasieuneun.
93. Setan naon anu bisa nangtungkeun sepedah?
94. Sato naon anu pangharam-haramna?
95. Hayam naon anu sukuna 1002?
96. Rancung lain landak, hejo lain tentara.
97. Make baju lain manusa, make dudukuy lain patani.
98. Kasur naon anu matak nyeri?
99. Palu naon anu bisa pidato?
100. Akar di luhur, pucuk di handap.
101. Asup tarik kaluar laun.
102. Bisa turun teu bisa naek.
103. Boga sisit lain oray, boga makuta lain raja.
104. Budak dugul loba kutu.
105. Diasupkeun hejo, dikaluarkeun beureum.
106. Dicabak aya dilieuk euweuh.
107. Dicukur buluan, teu dicukur dugul.
108. Dipeuncit hirup, teu dipeuncit paeh.
109. Disebut sakali hirup, disebut dua kali paeh.
110. Ditakol nyendol teu ditakol nyendol.
111. Diudag lumpat didagoan cicing.
112. Gunung bitu, bandera kekelebetan.
113. Hiber lain ku jangjang, balik lain ku suku.
114. Indungna cicing anakna ancul-anculan.
115. Nangkub dieusi nangkarak kosong.
116. Oray hejo panonna loba.
117. Samak saheulay, lampuna mangrebu-rebu.
Kembali Ke Atas Go down
tedi_bu9s_bunny
Senior
Senior
tedi_bu9s_bunny


Jumlah posting : 61
Join date : 15.10.08
Age : 38
Lokasi : IFC bdg

Cing pek teguh ieu tatarucingan Empty
PostSubyek: eehh What's Up Doc...?   Cing pek teguh ieu tatarucingan Icon_minitimeSat Oct 18, 2008 3:47 am

moal diaku 🇳🇴 da can nga ADD k sy ngaheot
Kembali Ke Atas Go down
http://profiles.friendster.com/tedibugsbunnyofifc
 
Cing pek teguh ieu tatarucingan
Kembali Ke Atas 
Halaman 1 dari 1
 Similar topics
-
» tatarucingan ah....
» cing atuh hayang sasalaman
» cing ach ulah terharunya kana puisi urang :D

Permissions in this forum:Anda tidak dapat menjawab topik
INDONESIA FRIENDLY CHATT :: Bebas tapi bermanfaat :: Forum Bodoran sambil santai (tempat keur goler)-
Navigasi: